B. Daerah

Pertanyaan

naon ari nu dimaksud sinonim teh?

1 Jawaban

  • Nu dimaksud sinonim nyaeta kecap saharti. Sabalikna tina sinonim nyaeta antonim. Kusabab dina basa Sunda aya ragam basa, biasana sinonim hiji kecap nyaeta sinonim atawa kecap saharti nu ragam basana sarua, tapi bisa wae beda. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur.    

    Pembahasan

    Contona, kecap indit kaasup kana ragam basa loma. Lemesna tina kecap indit nyaeta mios atawa angkat. Kecap mios kaasup kana ragam basa hormat / lemes pikeun ka sorangan. Sedengkeun kecap angkat kaasup kana ragam basa hormat / lemes pikeun ka batur. Jadi, sinonim tina kecap indit nyaeta bisa kecap mios jeung kecap angkat, tapi eta kecap kecap teh miboga ragam basa nu beda. Sedengkeun sinonim tina kecap indit nu ragam basana sarua nyaeta kecap miang.

    Pelajari lebih lanjut

    • Conto sinonim jeung antonim https://brainly.co.id/tugas/890685
    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Ragam basa hormat jeung ragam basa loma https://brainly.co.id/tugas/12443320

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VII

    Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman

    Bab : 1

    Kode : 7.13.1

Pertanyaan Lainnya