B. Daerah

Pertanyaan

jieun dua kalimah make kecap nu patali jeung tutuwuhan

1 Jawaban

  • Nu perlu diperhatikeun dina nyieun kalimah basa Sunda nyaeta ragam basa nu digunakeun kudu merenah. Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa nu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur.

    Pembahasan

    Ayana ragam basa dina basa Sunda teh lain pikeun ngabeda beda jalma, tapi pikeun ngahormat ka kolot jeung ngajenan ka sasama. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta dua conto kalimah make kecap nu patali jeung tutuwuhan dina ragam basa loma jeung ragam basa hormat / lemes:

    • Budi keur nyebor pepelakan di buruan imah (ragam basa loma) .
    • Amir nuju melak jagong di kebon (ragam basa hormat / lemes).  

    Kusabab mayoritas urang Sunda kadaharanana nyaeta beas, aya sawatara istilah tatanen basa Sunda utamana nu aya patalina jeung tatanen melak pare. Di handap ieu nyaeta sabagean conto istilah tatanen nu aya di daerah Sunda nu aya patalina jeung tatanen melak pare:

    1. Ngirik nyaeta ngaleyek pare supaya jadi bangsal atawa gabah.
    2. Ngabaladah nyaeta ngamimitian ngagarap sawah.
    3. Ngawuluku nyaeta ngaguarkeun taneuh ku lanjam, biasana ditarik ku munding.
    4. Ngagaru nyaeta ngancurkeun taneuh sanggeus diwuluku.
    5. Nyaplak nyaeta ngagarisan sawah meunang ngawuluku saméméh dipelakan.
    6. Ngagemuk nyaeta ngawurkeun pupuk.
    7. Ngarambet nyaeta miceunan jujukutan dina sela-sela dapuran tangkal parè.

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Bab : 8

    Kode : 3.13.8

    Kata Kunci : Nyieun kalimah basa Sunda

Pertanyaan Lainnya